21 May 2025 00:13

Keur Indung
(Tatang Rancabali)

Ema, ukur cisoca nu cumalimba
Ngagéndang
Laju murubut maseuhan pipi
Tiis
Tumiba tumekaning ati

Ras inget kana kanyaah Ema
Mangpuluh taun tetep teu luntur
Ngatik ti leuleutik mikanyaah ti bubudak
Tug nepika ayeuna dewasa
Ema taya kasuda

Hampura Ema
Abdi teu tiasa mulangtarima
Ukur nyelek jeroeun dada
Nyesek nyaliara

Haté ngécébrék
Sagala dicaritakeun
Lambey balem tipepereket
Ulah dugika kasawang kunu Lian
Roman robah juga susah

Ema,
Kiwari saukur doa
Mugia salira aya dina kanikmatan
Sagédéngeun nu Maha Kawasa

Allohumagfirlaha wafuanha waakrimha nuzulaha
Rancabali, 22-12-2022:07.08