6 October 2024 05:04

Kembang Harepan

Kembang Harepan
Ku Neneng Yuni Nurhayati, S. Pd., M. Pd.

Poé Kemis
Hiliwir angin leutik ngaharéwos                   
mawa béja nu pinuh ku mamanis
Dibarengan moncorongna srangéngé béngras nyaangan alam
Pangbagéa diri nu pinuh ku pangharepan.

Bismillah…
Suku mimiti ngaléngkah
Haté buleud nyanggap paréntah                    
Salambar kertas jadi legalitas
Diistrénan pikeun ngajaga amanah
Diraksa diriksa sangkan pinuh ku barokah

Bral geura miang
Ulah keueung jeung galideur ngemban tugas
Buleudkeun tékad,  Bedaskeun léngkah
Ngagarap tupoksi nu kiwari
Kudu bukti ajén diri
Ngabdi babakti ka lemah cai
Jadi kembang  harepan sumebar saeusi bumi
Solokanjeruk, 131022