21 May 2025 00:14
Sentuhan Qalbu

Katawisna Ramadhan tèh puncakna dina ibadah sabagè simbul kataqwaan ka Alloh SWT

Katawisna Ramadhan tèh puncakna dina ibadah sabagè simbul kataqwaan ka Alloh SWT

Ku Dedeng, S.Pdi

Maos al Quran asa sametan upami teu acan kataur dina tiap dintennna, taat ka Alloh dina waktosna, buka ogè sahur disiplin pikeun lirèn dina waktosna.
Kataqwaan kagungan makna salahsawiosna tèh lumaku sieun ku Alloh dina ngalksanakeun parèntah-Na sareng ngajauhan kana sagala rupi larangan Alloh.
Kataqwaan tèh ogè Qonaah salah sawios hartosna ngaraos cekap, sapertosna ngaraos cekap ku sagala rupi anu dipasihkeun ku Alloh dina jumlah anu sakedik. Ngaraos cekap ku harta anu sakedik tèh salah sawios kautamaan dina Kataqwaan ka Alloh, Ku margi dina watekna mah jalma mah kahoyongna dipasihan harta anu seueur.
Di luhur disebat puncak tèh da geningan kabiasaanana upami tos dugi ka puncak tèh lajeng sok aya penurunan. Tegesna mah amalan amalan ibadah anu parantos saè dina sasih Ramadhan tèh sapertos ngaos al Quran janten jarang dilakukeun, qiyamul lail ogè teu kontinyu dilaksanakeun.
Padahal aya dina kasaèan tèh kedahna istiqomah.
Jaminan ti Allah SWT. Jalmi anu tiasa istiqomah tèh dipasihan katintriman dina manah , icalna kasedih.
Sapertos anu kaunggèl dina Qs Al Ahqaf 13.
_Innalladziina qaaluurobbunallaahu tsummastaqaamuu falaa khaufun ‘alaihim wa laahum yahzanuuna, uulaaika ashhabuljannati khalidina fiiha jazaaan bimaa kaanu ya’maluuna_
Saèstuna jalma-jalma anu nyebutkeun Pangeran maranèhna tèh Alloh lajeng istiqomah mangka moal aya kasieun jeung kanalangsa pikeun maranèhna….
Yaa muqallibalqulubi tsabit qalbii’ala diinika.(*)

 

 

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *