24 January 2025 10:34
Sastra dan Budaya

Katalangsara Yasana : Tatang

Katalangsara

Yasana : Tatang

Anjeun leumpang rumanggieung
Mapay mapay jalan
Badarat

Sakaparan paran taya tujuan nu tangtu
Saukur nutur nutur indung suku

Jog anjog kahiji golodog
Anjeun ngarumpuyuk meh kapiuhan
Gura giru muka tutungkusan
Brak muka bebekelan

Anjeun ngocomang sorangan
Ngocoblak taya nu ngabandungan

Baju barau
Pakean rarangsak
Pangawakan ruksak

Panon bareueus
Beungeut bareubeubeu
Suku barareuh balas leumpang taya alas

Matak ngahelas
Rusras waas tambah melas
Kagagas
Ari ras kana nasib diri anjeun

Tambakruyung Bandung, 21-02-2020:20.50

PERTANIAN ISTIMEWA

PERTANIAN ISTIMEWA OLEH : ENTANG SASTRAATMADJA Dalam rangka penyusunan Rencana Kerja Pemerintah Daerah (RKPD) Provinsi Jawa Barat Tahun 2026 sebagaimana

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *