25 January 2025 00:10
Sastra dan Budaya

Hirup



Hirup
(Asep Suhendar SD Margahayu 13)

Peupeujeuh hirup
Ngadabrul nutuhan waktu
Lain ukur tina panggebug
Anu nalékan ngeunaan basa
Anu munggaran mapag laku
Diri pada jalma
Tapi lahir tina awak
Anu ngarajah
Haté nu pinuh ku lalangsé

Pepedut sore geus rapang
Mapag langit
Anu miris ku wanci magrib
Poho
Yén diri rek maksakeun
Milampah léngkah
Di alam anu panjang
Anu tacan katohyan
Saha?
Di mana?
Naon?
Kumaha?

Pék regepkeun
Yén wanci peuting na diri
Bakal datang
Tanpa aya nu-ngalanyahan

Batulayang, 2016

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *