25 January 2025 00:42

Fiksi Mini

HEU, HEU, HEU, HEU

Yasa : Sumarni
Sdn Pamoyanan.

Burih hayam, kadaharan nu dipikameumeut ku kuring, komo mun di sop. Hem…nikmat….
Hiji poe, kuring hayang ngesop maké burih .
Tukang sayur nu biasa pas ngaliwat, buru-buru ku kuring dipegat.

“Mang, aya ati jeung burih teu?”

“Aya, bu. Bade sabaraha hiji?” tanya emang sayur bari misahkeun ati jeung burih 5 siki.
Salian ti ati jeung burih, kuring meuli wortel, kentang jeung buncis, teu poho bawang daun jeung saledrina. Tuluy peupeujeuh ka nu mantuan yén poé ayeuna pangnyayur sopkeun maké burih.

“Bi ulah hilap, kumbah sing beresih burihna nya!” titah kuring rurusuhan lantaran bapana geus nungguan di hareup.

Da geus kabiasaan, unggal isuk kuring indit ngajar téh bareng jeung bapana barudak. Ngarah ngirit tidituna mah.

Satengah tilu kuring geus nepi ka imah deui. Beuteung karasa lapar. Si Bibi geus bébérés rék balik.

“Bu sayur sop tos aya dina panci masih di luhur kompor , ngahaja nembé masakna gé da ngarah haneut kénéh”, si Bibi nerangkeun panjang lebar.
“Ari burihna dikumbah beresih Bi?” tanya kuring bari ngaléos ka dapur ningali sop téa.
“Kantenan atuh, dikumbahna gé dua kali” tembal bibi siga nu reueus.

Sangu geus sadia sapiring metung, perkedel jeung témpé geus gugupay. Kari nyiuk sop nu masih di luhur kompor. Mangkok geus sadia, siuk…, ku kuring disiuk, bréh téh…, éta burih masih buleud. Ngaguruntul kénéh.

Hadeuuuuuh!
Nepak tarang dech….