4 July 2024 10:56
Sastra dan Budaya

Talaga Wening

Talaga Wening

(Tatang Rancabali)

Diri tumanya ka jirim
Jisim nu meunang karisi
Bari ngadaweung ngabangbang areuy
Hareupeun talaga canémbrang hérang

Hayang ngagujubarkeun awak
Towéksa ku loba dosa
Lamokot késangna duruwiksa
Maseuhan awak sakujur

Mikiran pandita agung
Nu melak lauk lubak libuk
Nandingan burayak sagara
Nembrakeun hasrat dudunya

Kadang hayang tumanya ka soang
Tiap beurang ijigimbrang
Bisa ngeunteung bari teuleum
Manggihan diri sayakti

Kadang gajah kagémbang hayang kokojayan
Ninggalkeun leuweung nu ahéng kiwari raang beurang jeung peuting
Tapi éra ku nyiruan nungguan tunggul kahuru
Sabab réa kekembangan nu teu bisa diseuseup maduna
Brul ngabrul ka sisi talaga Wening nu duka teuing saha miboga

Rancabali, 05-06-2024:08.37

 

Jangan Sembunyikan Ilmumu

WASILLAH SHUBUHKamis, 4 Juli 2024. BismillahirahmanirahimAssallamu’alsikum wr wbrkt JANGAN SEMBUNYIKAN ILMUMU. Saudaraku…Ketika saya menyampaikan postingan tentang agama, itu tidak berarti

Read More »

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *